
Wangun imah urang Sunda nu diadegkeun tina panggung, umumna sok dibagi jadi sababaraha rohangan diantara: kamar, patengahan, tepas, teras, dapur, goah, pabeasan, papilun, pakarangan, buruan, pipir, jeung sajabana.
Luyu jeung kamekaran jaman, oge kamampuh masyarakat, wangun imah urang Sunda barobah ti mimiti imah panggung, robah jadi imah duduk jandela, robah jadi imah tembok, oge kadieunakeun aya imah beton, malah dipakotaan nu padumukna gegek mah aya nu namina imah susun.
Imah panggung nya eta imah anu bahana dijieun tina kai atawa awi, pindingna tina bilik, tatapakanana tina batu meunang ngabentuk, tiungna mah tina hateup atawa kenteng.
Imah duduk jandela naya eta wangunan imah nu nepi kana jandela ku tembok, ka luhurna make kai, pindingna make bilik, tiungn amah sarua jeun imah panggung.
Imah tembok nya eta wangunan imah nu dijieun tina tembok sakabehna, ari tiungna mah sarua jeung imah panggung.
Imah beton nya eta wangunan imah nu sakabehna tina tembok kalayan suhunana papak nu bisa dimanfaatkeun keur popoean atawa pepelakan, jste.
Lian ti nurutkeun wangunan, babagian nran imah the rupa-rupa aya nu disebut: tatapakan, gagalur, tihang, camped, palang dada, pangeureut, pamikul, jure, usuk, ereng, jste.
Sok sanajan jaman geus barobah, tapi sok aya wae urang Sunda nyieun patokan wangunan imah mola kana konsep tradisional. Ieu hal teh tiasa katingali tina potongan imah nu aya di urang. Boh dina vila-vila. Atawa hotel-hotel pikeun ngirut pariwisata. Arsitektur bisa oge disebut seni jeung ilmu dina ngarancang bangunan.
Conto-conto undagi (istilah arsitektur):
- Ereng nyaeta panyangked kenteng
- Jure nyaeta bentuk imah anu suhunannana di opat cagak keun.
- Cemped nyaeta awi paranti nyemped bilik.
- Tapakan nyaeta batu paranti imah panggung.
- Gagalur nyaeta hahalang imah.
- Tihang nyaeta pangganjel suhunan.
- Palang dada nyaeta kai nu dipasang antara tiang jeung tiang di tengahna aya jendela.
- Pangeureut kai jang kengtengna.
- Pamikul nyaeta kai gede keur masangkeun jure.
- Usuk nyaeta awi tempatna neundeun ereng.
- Imah beton nyaeta suhunan imah nu sakabehna tina tembok sarta suhunanna papak.
- Suhunan panjang nyaeta salasahiji suhunan imah tradisional urang sunda.
- Goah nyaeta tempat neundeun pare atawa pabeasan.
- Patengahan nyaeta bagian imah tempat kumpul na kulawarga.
- Imah panggung nyaeta imah anu bahanna dijieun tina kai atawa awi, pindingna bilik, tatapakannana tina batu, tiung na tina hateup atawa kenteng.
- Imah duduk jandela nyaeta wangunan imah nu nepi kana jandela ku tembok, kaluhurna make kai, pinding na make bilik, tiung n amah sarua jeung imah panggung.
- Wuwung nyaeta